Dewi Sartika lahir ti kulawarga menak Sunda, Nyi Raden
Rajapermas jeung Raden Somanagara kaping 4 Desember 1884. Najan ngarempak adat
kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Dewi
Sartika, malah ka sakola Walanda pisan. Sapupus ramana, Dewi Sartika
dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicalengka. Ti uwana
anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan kulon beunang
pangwuruk istri Asisten Residen.
Ti leuleutik, Dewi Sartika geus nembongkeun bakat
pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan,
anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis, malah ngajarkeun basa Walanda, ka
barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan.
Minangka borna, nyaeta papan bilik kandang kareta, nulis make areng, sabakna
sesemplekan kenteng.
Harita teh umur Dewi Sartika kakara sapuluh taunan,
Cicalengka geunjleung alatan barudak badega kapatihan barisaeun baca tulis
jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu
loba anak cacah boga kabisa kitu, komo beunang ngajar budak awewe.
Nalika geus rumaja, Dewi Sartika mulang deui ka ibuna
di Bandung. Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun
angen-angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna
pituin, nu memang boga kereteg nu sarua. Ngan, pamanna teu kitu bae bisa
ngawujudkeun kahayang alona, sabab adat jaman harita nganggap awewe teu perlu
sakola, cukup ku bisa migawe naon rupa nu bisa pikeun ngawulaan salaki.
Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Dewi
Sartika bisa ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian ngadegkeun sakola istri.
Taun 1906, Dewi Sartika nikah ka Raden Agah
Suriawinata, saurang nonoman nu sapikir sahaluan, sajiwa sacita-cita, guru di
Sakola Karang Pamulang, nu harita jadi Sakola Latihan Guru.
Tanggal 16 Januari 1904, Dewi Sartika muka Sakola
Istri munggaran sa Indonesia. Murid-muridna angkatan munggaran aya 20 urang,
migunakeun rohangan pandopo Kabupaten Bandung.
Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas,
sahingga merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusanana mimiti kaluar taun 1909,
ngabuktikeun ka bangsa urang yen awewe taya bedana jeung lalaki, bisa nampa
pangajaran model Kulon. Taun 1910, sakolana diropea migunakeun harta banda
pribadina sahingga bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.
Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda
mitembeyan jlug-jleg sakola istri, utamana dikokolakeun ku sababaraha istri
Sunda nu saangen-angen jeung Dewi Sartika. Taun 1912 geus aya salapan sakola
istri di Kota-kota kabupaten (satengahna ti jumlah kota kabupaten sa
–Pasundan). Dina umur anu kasapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi
Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupaten Tatar Sunda nu can boga Sakola Kautamaan
Istri kari tilu/opat deui. Malah meuntas heula ka bukittinggi, Sakola Kautamaan
Istri diadengkeun ku Encik Rama Saleh. Tatar Sunda kakara lengkep miboga Sakola
Kautamaan Istri di unggal kota kabupaten dina taun 1920, katambah ku sababaraha
nu ngadeg di kota kawadanaan.
Bulan September 1929, Dewi Sartika nyieun
pangeling-ngeling sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti
ngaran jadi “Sakola Raden Dewi”. Kana giatna dina ngamajukeun rahyat, utamana
kaom istri, Dewi Sartika diganjar bintang jasa ku Pamarentah Hindia-Walanda.
Raden Dewi Sartika pupus di Tasikmalaya 11 September 1947.
Kaunggulan tokoh Dewi Sartika nyaeta ngadirikeun
Sakola Istri sangkan awewe oge tiasa sakola ngarah sabanding jeung lalaki.
Inspirasi ti biografi Dewi Sartika nyaeta urang salaku
kaum hawa jadi maju sarta sarua
kadudukanana jeung lalaki.
No comments:
Post a Comment