Saturday, 18 October 2014

HASIL PERCOBAAN INDIKATOR ASAM – BASA ALAMI Indikator Alami



Tujuan Percobaan    : Untuk membuat idikator asam dan basa dari alam, dan mengetahui yang   termasuk ke dalam indikator alami.


I.                   Teori Dasar

Indikator asam basa adalah suatu zat yang memberikan warna berbeda pada larutan asam dan larutan basa. Dengan adanya perbedaan warna tersebut, indikator dapat digunakan untuk mengetahui apakah suatu zat bersifat asam atau basa.

Beberapa jenis tumbuhan, dapat digunakan sebagai indikator asam dan basa. Indikator tersebut dinamakan indikator alami.


II.                Alat dan Bahan

1.                  Alat           :          
·         Piring kecil
·         Pisau/gunting
·         Lap
·         Penumbuk
·         Alu

2.                  Bahan        :
·         Air
·         Cuka
·         Air Kapur
·         Kunyit
·         Bunga Mawar
·         Bunga Pacar Air
·         Daun Rhodis Colour
·         Daun Pandan
·         Daun Singkong


III.             Langkah Kerja

1.      Siapkan  alat dan bahan
2.      Ambil setiap bahan yang akan dijadikan indikator alami, kemudian tumbuk dan hancurkan
3.      Tambahkan air, aduk rata  
4.      Ambil airnya dan simpan di masing-masing piring kecil
5.      Teteskan cuka ke setiap piring kecil dan amati perubahan warnanya
6.      Kemudian teteskan juga air kapur ke masing-masing bahan dan amati perubahan warnanya.

IV.             Tabel Pengamatan

No
Nama Bahan
Perubahan Warna
Kesimpulan
Awal
Asam
Basa
1.
Kunyit
Oranye
Kuning
Merah
Indikator Alami
2.
Bunga mawar
Ungu
Merah muda
Hijau
Indikator Alami
3.
Bunga Pacar Air
Ungu
Merah
Biru
Indikator Alami
4.
Daun Rhodis Colour
Hijau
Hijau
Hijau
Bukan Indikator Alami
5.
Daun Pandan
Hijau
Hijau
Hijau
Bukan Indikator Alami
6.
Daun Singkong
Hijau
Hijau
Hijau
Bukan Indikator Alami


V.                Kesimpulan :

Berdasarkan percobaan, dapat disimpulkan bahwa beberapa tumbuhan dapat dijadikan indikator alami asam dan basa karena jika ditetesi air kapur dan cuka beberapa tumbuhan mengalami perubahan warna. Air tumbuhan yang dapat menjadi indikator adalah kunyit, bunga mawar, dan bunga pacar air karena mengalami perubahan warna yang mencolok. Sedangkan daun  rhodis colour, daun pandan, dan daun singkong hanya sedikit bahkan tidak mengalami perubahan warna.

Biografi Dewi Sartika



Dewi Sartika lahir ti kulawarga menak Sunda, Nyi Raden Rajapermas jeung Raden Somanagara kaping 4 Desember 1884. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Dewi  Sartika, malah ka sakola Walanda pisan. Sapupus ramana, Dewi Sartika dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicalengka. Ti uwana anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan kulon beunang pangwuruk istri Asisten Residen.
Ti leuleutik, Dewi Sartika geus nembongkeun bakat pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan, anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis, malah ngajarkeun basa Walanda, ka barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan. Minangka borna, nyaeta papan bilik kandang kareta, nulis make areng, sabakna sesemplekan kenteng.
Harita teh umur Dewi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicalengka geunjleung alatan barudak badega kapatihan barisaeun baca tulis jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu loba anak cacah boga kabisa kitu, komo beunang ngajar budak awewe.
Nalika geus rumaja, Dewi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun angen-angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna pituin, nu memang boga kereteg nu sarua. Ngan, pamanna teu kitu bae bisa ngawujudkeun kahayang alona, sabab adat jaman harita nganggap awewe teu perlu sakola, cukup ku bisa migawe naon rupa nu bisa pikeun ngawulaan salaki.
Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Dewi Sartika bisa ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian ngadegkeun sakola istri.
Taun 1906, Dewi Sartika nikah ka Raden Agah Suriawinata, saurang nonoman nu sapikir sahaluan, sajiwa sacita-cita, guru di Sakola Karang Pamulang, nu harita jadi Sakola Latihan Guru.
Tanggal 16 Januari 1904, Dewi Sartika muka Sakola Istri munggaran sa Indonesia. Murid-muridna angkatan munggaran aya 20 urang, migunakeun rohangan pandopo Kabupaten Bandung.
Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas, sahingga merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusanana mimiti kaluar taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yen awewe taya bedana jeung lalaki, bisa nampa pangajaran model Kulon. Taun 1910, sakolana diropea migunakeun harta banda pribadina sahingga bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.
Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg sakola istri, utamana dikokolakeun ku sababaraha istri Sunda nu saangen-angen jeung Dewi Sartika. Taun 1912 geus aya salapan sakola istri di Kota-kota kabupaten (satengahna ti jumlah kota kabupaten sa –Pasundan). Dina umur anu kasapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupaten Tatar Sunda nu can boga Sakola Kautamaan Istri kari tilu/opat deui. Malah meuntas heula ka bukittinggi, Sakola Kautamaan Istri diadengkeun ku Encik Rama Saleh. Tatar Sunda kakara lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di unggal kota kabupaten dina taun 1920, katambah ku sababaraha nu ngadeg di kota kawadanaan.
Bulan September 1929, Dewi Sartika nyieun pangeling-ngeling sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran jadi “Sakola Raden Dewi”. Kana giatna dina ngamajukeun rahyat, utamana kaom istri, Dewi Sartika diganjar bintang jasa ku Pamarentah Hindia-Walanda. Raden Dewi Sartika pupus di Tasikmalaya 11 September 1947.

Kaunggulan tokoh Dewi Sartika nyaeta ngadirikeun Sakola Istri sangkan awewe oge tiasa sakola ngarah sabanding jeung lalaki.
Inspirasi ti biografi Dewi Sartika nyaeta urang salaku kaum hawa jadi maju sarta  sarua kadudukanana jeung lalaki.